13 Mar 2011

LIRIK LAGU SUNDA

Asa Tos Tepang

Asa asa...asa
Asa asa...asa
Asa tos tepang
asa tos kenal
Duka di mana....di mana

Asa tos tepang
asa tos kenal
Duka dimana...duka
eh...leres
eh...muhun
eh...leres
diditu di cipayung waktos manggung

Sasarengan duh padungdengan
icikibung puncak cipayung
mayung-mayung anteung kagandrung
diditu di cipayung waktos manggung

Sasarengan duh padungdengan
icikibung puncak cipayung
mayung-mayung anteung kagandrung
duuuh...bingung

ADUH MANIS
Duh-duh Aduh manis……….
kimanjang imut nu gandang
deudeuh karaosna….
asih sumanding miheman

gening tumerapna……….
rasa cinta geugeut pageuh
moal bisa hilap………….
cinta urang di tutugan

Duh-duh Aduh manis………….
kabandang imut nu gandang
matak kapi gandrung………….
nu tetep eujeung imutna

tambah kapi can-cang……….
mun pa amprok silih pencrong
aduh aduh manis………
pageuhkeun cinta duaan

langkung sae diteuteugan………….
nu mantes imut kareueut
soca deudeuh neuteup seukeut………..
pameunteu anu marahmay

dua ati pada surti……maheutkeun deudeuh ka meumeut
babarengan numbang tineung sauyunan
musik:kembali ke:*)



ANJEUN
Teu aya deui nu mika cinta iwal anjeun
teu aya deui nu pikamelang iwal anjeun
nu nyaahna sadunya pang bageurna sadunnya iwal anjeun
anu heman tur caria anu janji satia ngan ukur anjeun

aduh-aduh-aduh hate bagja bisa papagih jeung anjeun
aduh-aduh-aduh hate teteg aya sagigireun anjeun

ngan saeutik hanjakalna lamun tepang ngajak rurusuhan
dasr kudu kanyahoan horeng anjeun geus rimbitan

teu aya deui nu jadi pikiran iwal anjeun
teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun
inggis beunang ku batur inggis bogoh ka batur iwal anjeun
unggal peuting babacan mapatkeun pelet asihan
khusus keur anjeun




Ah Hoream

Dewek mah moal rek pipilueun
komo ukur neangan kode
ngadon mumuja nu hanteu hanteu
nepi ka sagala digade gade
kusabab masang kalaut bae

Euweuh dina sajarahna
jalma jegud tina buntut
nu puguh mah ngadon kutud
sangsara neureuyan hitut

Lieuk euweuh ragap taya
hayang masang beak modal
tungtungna jadi teu eling
barang tatangga ge dipaling









Amparan sajadah
Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya daya
Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Mundut panghampura Gusti
Ya Allah Robbul ‘izzati
Taya deui
Panglumpatan
Taya deui
Pamuntangan
Mung Allah pangeran abdi
Pangeran anu sajati



Ayun ambing- gus coley –
Deungkleung dengdek
Anaking jimat awaking
Geura bobo..Panutan kalbu
Ema hidep aya di pangumbaraan
Nyiar rizki buburuh jadi TKI

Deungkleung dengdek..Anaking di ayun ambing
Ulah rungsing tepung jeung peuting
Anggur nyaring na mangsa keur sepi jempling
Ngadu’a Ema hidep enggal mulang

Ukur cimata nu jadi ubarna..Rasa kasono
teu weuleh ngadodoho..Sanajan urang paanggang
Hate mah paanjang anjang..Sanajan urang papisah
Ka Gusti Urang sumerah diri..Kieu buktina
Kedah kieu nasibna












BUBUY BULAN
bubuy bulan
bubuy bulan sangray bentang
panon poe panon poe di sasate

unggal bulan
unggal bulan abdi tea
unggal poe-unggal poe oge hade

situ ciburuy launa hese di pancing
nyeredet hate ningali ngeplak caina

duh eta saha ngalangkung unggal enjing
nyeredet hate ninggal sorot socana


BORONDONG GARING
borondong garing
ider kota pileumburan
mekar lumaku ku diri
payu dagang bari mimitran

borondong garing
haleuang ka tineung ati
jerit ciptaning ati
jeung hiliwirna angin peuting

Reff:
oleh-oleh priangan di lingkung gunung
majalaya,soreang,banjaran,bandung
hate jongjon lugina anu di kantun
narik ati matak luas nu ngabantu




BAJING LUNCAT
Bajing luncat bajing luncat kaastana aduh
abdi lepat narosan teu ti anggalna
bajing luncat bajing luncat ka astana ieung
abdi lepat narosan teu anggangna

Reff
duh teu sangka salira bet laus pisan
teu hawatos kanu tos sesah ngantos-ngantos
api-api teu emut kana pasini
pasini pakait ati duh pakait ati

bajing luncat-bajing luncat kaastana aduh
abdi leupat narosan teu ti anggalna

Budak saha
Dipikir siang jeung weungi
Hirup teh naha nyorangan
Dirasa rasa da puguh aya nu boga
Ema bapa anjeun dimana
Teu sangka ku nasib diri
Hirup teh pahat tulalis
Lami gede cicing di yayasan
Ema bapa anjeun dimana
Duh gusti…
Ari abdi budak saha
Teu puguh laratannana
batin ceurik balilihan
Ari abdi budak saha
Ieu hate terus tumanya
Na dimana anu ngandung
Na dimana nu ngayuga
Ari abdi budak saha
ieu hate terus tumanya
Na dimana ari indung
Na dimana ari bapa




Bentang Manglayang

Bentang luhureun manglayang
Ting kareutip anteung ngiceupan
Kamari peuting ayeuna
Bentang rapang lobana angger sarua

Handapeun bentang manglayang
Manehna keur ngadagoan
Nanggeuy saruntuyan bentang
Meunang mipit ti luhur Gunung Manglayang

Weungi enjing nun
Urang peutik ku dua-an
Urang runtuy nun…..
Keur kongkoyang pangantenan

Weungi ieu wayah na urang paanggang
Tapi soca tangtos sami keur milang bentang manglayang

Bentang luhureun manglayang
Ting kareutip anteung ngiceupan
Kamari peuting ayeuna
Bentang rapang lobana angger sarua




Bentang Cilampuyang
Teu disangka ti tadina
Di lembur jauh ka kota
Geuning aya bentang ragrag
Mawa bungah kana rasa

Rasa bungah nu harita
Dibarengan rasa cinta
Cinta nu mekar harita
Mapaes nikmatna hate

Bentang nu harita medal
Ngagurilap-ngagurilap cahayana
Matak serab mikacinta
Matak risi anu jangji

Bentang di Cilampuyang
Mawa bagja kana rasa
Bentang di Cilampuyang
Narima kedalna cinta
Bentang di Cilampuyang
Yap kadieu masing deukeut
Bentang di Cilampuyang
Akang reueus akang geugeut

Barade
Bararade ieu
Bararade ieu
Bararade bade bade bade ieu

Jalan dewi sartika
Jeung lapang Tegal Lega
Mun wanci sareupna
Retesna sabada isya
Loba ucing geuring
Ngalayap nepi ka peuting
Ngadon dagang ping ping
Keur lalaki nu curaling

Mengkol ka Gardujati
Katelahna kebon tangkil
Wilayah nu pasti
Saritem tempat nu nyempil
Gang pabaliut
Nawisan barang nu nyumput
Jalu nu kapincut
Kakamar langsung diurut

Barade bararade ieu
Nu ngagaleuh barang anu geuleuh
Barade bararade ieu
Mangga cobi pasti hoyong deui
Barade bararade ieu
Atos nyobi si ujang kapatil
Barade bararade ieu
Tos kapatil si ujang anu kasiksa
Bararade ieu
Bararade ieu
Buta Hejo
Aya buta keur kaedanan
bebeakan neang kadaharan
bebeakan sagala dihakan
buta hejo eta ngaranna

Aya buta keur kaedanan
bebeakan neang kakayaan
bebeakan neang kasenangan
Buta hejo eta ngaranna

teu paduli meunang timana
teu paduli halal heunteuna
teu paduli batur sangsara
teu paduli batur kasiksa

Buta hejo buta kejo
sama2 buta gelo
buta hejo alah buta kejo
sama2 kudu ditorpedo

Aya buta keur kaedanan
bebeakan neang kakayaan
bebeakan neang kasenangan
Buta hejo eta ngaranna

Aya buta keur kaedanan
bebeakan neang kakayaan
bebeakan neang kasenangan
Buta hejo eta ngaranna

teu paduli meunang timana
teu paduli halal heunteuna
teu paduli batur sangsara
teu paduli batur kasiksa













Budak jalanan
Ceuk batur mah
Kuring teh budak jalanan
Gawe ukur ngamen
Dina kandaraan
Sabenerna hate ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal dirupa
Jeung deui duka di mana

Mun panas….Kapanasan…
Mun hujan…Kahujanan…

Mun reup peuting ngadon sare di emperan
Da puguh hirup di jalan
Hanteu boga petempatan
Pikeun pangbalikan

Timana…timana.. atuh timana
Diri kuring timana atuh asalna
Kumaha…kumaha.. atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Allah paparin abdi pituduh
Na dimana kolot abdi teh ayeuna..





Bandung Bergoyang

Bandung bergoyang, goyang, goyang yang
Goyang mojang Bandung
Goyang Parahiangan
bikin hati penasaran

Bandung bergoyang, goyang, goyang yang
Goyang jaipongan
Pakpaktimpangtimpung
Suara gendang bersahutan

Bandung bergoyang lagi.... ( goyang kekanan kekiri )
Bandung bergoyang lagi.... ( goyang seksi di VCD )
Bandung bergoyang lagi.... ( karena iklan sabun mandi )
Bandung bergoyang lagi.... ( bikin lupa anak istri )






BOGOH KASAHA
Penyanyi : Rya Fitria
Bogoh ka saha
Bogoh ka urang mana
Geura balaka…a…a..
Ulah rek asa asa
Milih milih numana
Milih nu kumaha
Ulah cangcaya..a…a..
Bisi kaduhung ahirna
Percaya..a..a..
Kana takdirna
Percaya..a..a..
Kana takdirna
Lamun enya jodona
Lamun enya kuduna
Moal rek aya…a…a..
Nu bisa misahkeunnana
Lamun enya cintana
Lamun enya hayangna
Ulah rek aya…a…a..
Nu nyoba misahkeunnana
Percaya..a..a..
Kana takdirna
Percaya..a..a..
Kana takdirna



Bulan Batu Hiu

Bulan nu sapasi sesa purnama kamari
di dieu duaan
suka bungah
segala rasa dibedah

bulan nu ngagantung dilangit batu hiu
tinggal sapasi sesa purnama lamari
sa niat sa jangji
sahidup samati
moal khianat
Insya Allah moal pegat

dina ruang hate
nu aya ukur salira
dina ruang hate
pasti ngan aya ukur salira
bulan dilangit batu hiu
sesa purnama kamari
bulan sepeuting nyaksi
nyepeng rusiah moal betus pasti





Cinta (Kalangkang)
Hetty K. Endang
Cinta lir ibarat kalangkang
Deukeut anggang bisa diatur ku urang
Cinta bisa ilang jeung nembongan
Repok jodo akhirna datang sorangan

(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta manjangkeun carita
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta panjang lalakona...

Cinta lir ibarat nu geulis
Geura endah ti mawu sewu mamanis
Cinta perlu jalan anu lueus
Solo goto tapakan di anggang putus

(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta penuh pengorbanan
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta penuh kasadaran

Cinta datangna teu kaharti
Gandrung ewuh mikangen ngungkapin ati
Cinta matak anteung beurang peuting
Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta mangkat mega endah
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta tembang kanyaan



Cikopi Jeung Bala-bala
Cikopi jeung bala -bala
katingal mah matak kabita
rek mahugi ka manehna
hanjakal duit teu boga

Cikopi jeung bala -bala
diraosan meuni edun
boga janji ka manehna
rek narosan sasih payun

Rek ngaraosan cikopi jeung bala2
rasana meuni leugit, dituangna sore
rek narosan hayang kawin jeung manehna
tapi teu boga duit tungtungna nyeuri hate

Teu bisa kumaha.... ( kabogoh direbut batur )
Heunteu walakaya... ( kabogoh kawin jeung batur )




Curug Cinulang

Di Curug Cinulang
Bulan bentang narembongan
Hawar-hawar aya tembang
Tembang asih tembang kadeudeuh dua'an

Di Curug Tinulang
Batin ceurik balilihan
Numpang kana Panghareupan
Cinta urang mugi asih papanjangan

Reff :
Kabaseuhan cai ka heman
Kaceretan ibun kamelang
Mengket pageuh geter rasa kahariwang
Hariwang cinta urang panungtungan






Dina Amparan Sajadah

Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya-daya

Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Mundut pangampura Gusti
Ya Allah Robbul Izzati

Taya deui panglumpatan
Taya deui pamuntangan
Mung Allah Pangeran Abdi
Pangeran anu sajati









Duriat
Dina hate kuring anjeun cicing
Dina hate anjeun kuring cicing
Bener-bener henteu bisa ngejat
Dibeungkeut ku tali duriat
Sanajan loba nu daratang
Pating kuriling neangan lawang
Pating kaletrok kana panto hate
Tapi ku urang teu dipalire
Duriat teu bisa digantian ku rupa
Duriat teu bisa dihilian ku harta
Duriat teu bisa di aya-aya
Duriat datang na heunteu kapaksa
Dikotretkeun dina hate tidituna
Diguratkeun dina rasa tidituna
Dibuka di baca ku urang duaan
Di jaga di riksa pinuh rasa ka heman

Duka Teuing
Duka teuing kunaon
Mun nempo anu demplon
Teu bisa miceun panon
Sok hayang geura leleson

Duka teuing kunaon
Meuni bun ceuli panon
Noong anu keur ocon
Sok hayang milu ka enggon

Duka teuing kumaha
Meuni asa kabita
Nempo bitis nu geulis
Ngadadak sok panas tiris

Duka teuing palaur
Heureuy jeung anak batur
Ocon diluhur kasur
Katewak di cereg tuur

Duka teuing ceuk saha
Mun hayang ka si eta
Ngomong tong hare hare
Dijamin pasti dibere

Duka teuing ku saha
Da kuring teu rumasa
Can kawin geus eusian
Budakna euweuh bapaan

Duka teuing ku aneh
Siga istri nu sholeh
Aya ku lebar teuing
Sok ngalayab unggal peuting

Duka teuing ku heran
Ngaku masih parawan
Tapi teu kanyahoan
Tos loba nu ngaraosan
Duit Sarebu
Duit sarebu
resiko sapuluh rebu
eunggeus boga sapuluh rebu
resiko saratus rebu
saratus rebu....
resiko sajuta rebu
enggeus boga sajuta rebu
kabutuhan salaput hulu
Di jaman ayeuna teu aya hartina
duit sarebu pake resiko nyeuri hulu
Duit sarebu ngan ukur sarebu
teu cukup keur meuli baju
Duit sarebu ngan ukur sarebu
nganjuk kopi sareng tahu
Duit sarebu ngan ukur sarebu
teu bisa meuli sapatu
Duit sarebu ngan ukur sarebu
tungtungna nyelap dina huntu



ES LILIN
Es lilin mah didorong-dorong
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin ceuceu samar kaduga
sok sieun mah aduuh henteu ngajadi

Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandakna geuningan ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduuh henteu ngajadi

Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan

Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana

Kamana mah dunungan ngaitkeun cingcin
ka kaler mah aduuh katojo bolat
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
sakieu mah aduuh panas hatena








Gog-gog
ting harewas ngaromongkeun
dunungan
ngagogoreng nepi ka bebeakan
abang gogog
teu nyaho ditambah wadi
nyatu kurang gogog ngagaik
nyatu cukup angger babaung
si dunungan liereun sirahna
nenjo polah gogog kukutanana
diukut kumaha di piceun teu tega
da kaasuh ti kirikna
diukut kumaha di piceun teu tega
teu kuat ku babaungna
na ngogogog namina gogog
nu ngagaik namina gogog
nu babaung namina gogog
anu goreng hate
gogog keneh!



HARIRING KURING
teungah peuting
keur jemplang jempling
kuring nyaring…teu geunah cicing
hate melang sumoreang
buah ati lawas teu patepang

cuang ciung…kuring sorangan
nunggelis di pangumbara
lieuk deungeun lieuk lain
taya pisan geusan pamuntangan

rek sasambat kasahanya-nyambat
suwung dulur walurat sobat
sangsang badan nya nitipkeun diri
iwal ka gusti yang widi

hiliwirkeun duh angin peuting
pang nepikeun hariring kuring
ka jungjunan nu ngantosan
kawih ati nu keur rungsing pusing
kawih ati nu keur rungsing pusing









Hayang Kawin” – Kunkun
Hayang Kawin win win win Hayang kawin
Geus teu tahan mang tauntaun bubujangan
Hayang Kawin win win win Hayang kawin
geus teu kuat beurang peuting duh ngajablay
-
Era ku tatangga eujeung babaturan
loba nu nyeletuk cenah kuring bujan galapuk
Isin ku pa RT isin ku pa RW
Sering ngalelewe cenah teu payu ka awewe
-
Hayang Kawin win win win
Hayang kawin euy..
-
reff
-
Bapa.. Ema.. Cing pangneangkeun jodo
Kuring embung boga titel jomblo
Ema.. Bapa.. sok pangmilihkeun calon
asal ulah urut ucing garong
-
keun bae randa ema..
randa bengsrat anyar pegat ema..
Komo parawan ema..
So pasti paten
Masih disegel masih disegel
gel.. gel.. gel.. gel..




Jurig
Neupangkeun nami abdi jurig
padamelan ngaheureuyan
dugikeun ka nyilakakeun
teu dikampung teu dikota
pokona dimana - mana

Neupangkeun nami abdi Jurig
rerencangan jalmi ageung
sobat alit konglomerat
sareng pajabat nu bangsat
nu sok nipu rakyat

Abdi reuseup bergaul sareng aranjeunna
teu seueur carios nu penting seueur artos
halal haram tara janten pasualan
nu penting makmur wareg beuteung wareug bujur

Neupangkeun nami abdi jurig
upami salira kabita
palay ngajago di dunya
kedah siga aranjeuna
halalkeun sagala cara
akherat mah kumaha jaga




Jampe Jampe Harupat
Jampe-jampe harupat
Geura gede geura lumpat
Sing jauh tina maksiat anaking
Ngarah salamet akherat

Jampe-jampe harupat
Geura gede geura lumpat
Susah senang omat sholat anaking
Beunghar kade poho zakat

Jampe-jampe harupat
Pek dudunya satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rek hirup saumur dunya

Jampe-jampe harupat
Prak ibadah satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rek cacap engke sareupna

Dodoja datang tong kalut
Sanghareupan make imut
Ulah rek aral subaha anaking
Sing percaya ka nu kawasa

Maha welas maha asih
Moal aya pilih kasih
Sagala nu karandapan kuhidep
Tangtuna bongan sorangan

Ti bapa ieu pepeling
Ngarah hidep hirup salawasna eling
Heunteu berang heunteu peuting
Hidep kudu soleh satungtung nyaring


Katineung
Girimis nu jadi saksi
lalakon urang duaan
Waktu urang babarengan
Ngalepas kasono ati
ngaleupas katineung asih

Kiwari tinggal waasna
Mun nyawang mangsa katukang
Meungkeut janggji rek ngajadi
hanjakal henteu ngajadi
Jodomah kagungan gusti.

Chorus:
Saliwat anjeun asa nembongan
Ngalangkang mawa kamelang
kabayang anjeun imut ngaheureuyan
Nganhanjakal saukur kalangkang

Najan ayeuna urang geus paanggang
Najan janji pasini teu ngajadi
Tapak tilas lalampahan
Urang duaan masih narembongan


Karunya
Karunya nya nya aduh karunya
Hayang ngapung ngawang-ngawang teu bogah jangjang
Arek mipit bentang nunenggang nu geulis anggang ka sorang
Duh aduh karunya

Karunya nya nya aduh karunya
Kahayang hanteu kadongkang da puguh anggang
Najan hate hayang ka bulan pamohalan rek kasorang
ngan ukur kahayang

~{}~

Sok karunya kanu loba kahayangna
Cinta palsu ngan saukur saliwatan
Cinta monyet eta mah keur kaulinan
Cinta nu asli cinta sajati

Karunya nya nya aduh karunya
Kahayang hanteu kadongkang da puguh anggang
Najan hate hayang ka bulan pamohalan rek kasorang
ngan ukur kahayang

~{}~

Karunya nya nya aduh karunya
Hayang ngapung ngawang-ngawang teu bogah jangjang
Arek mipit bentang nunenggang nu geulis anggang ka sorang
Duh aduh karunya

Karunya nya nya aduh karunya
Kahayang hanteu kadongkang da puguh anggang
Najan hate hayang ka bulan pamohalan rek kasorang
ngan ukur kahayang

~{}~

Sok karunya kanu loba kahayangna
Cinta palsu ngan saukur saliwatan
Cinta monyet eta mah keur kaulinan
Cinta nu asli cinta sajati

Karunya nya nya aduh karunya
Kahayang hanteu kadongkang da puguh anggang
Najan hate hayang ka bulan pamohalan rek kasorang
ngan ukur kahayang





Kumalayang
( Alah, kieu geuning kasiksa nya ari boga rasa suka, terus teu wani nyarita, terus kitu awewena komo deui meuren nya teu wani nyarita, jadi balueung ah teu ngarti )
Teuing dimana
Teuing iraha
Asup na rasa
Kana jero dada
Ujug-ujug nyampak bari nyiksa
Ka edanan ku bebeakan

Mungkir teu bisa
Hate rumasa
Boga kacinta
Geude ka bina-bina
Pikir manteng ukur kadidinya
Teu irah heunteu dimana

Lamun ti beurang
Pikiranku melayang
Aya kameulang aya rasa hariwang, Aduh...Aduh...Aduh...

Peuting mun sare
Ngan kaimpikeun bae
Taya lian ngan ukur didinya ( Sami,,Sami )
Urang pada boga rasa ( Sami,,Sami )
Ngarasa kasiksa ( Sami,,Sami )
Sieun rek wakja balaka
Nya kumaha..Kumaha atuh kumaha
( Nya kudu di Kumaha atuh da ari pada-pada teu wani nyaritamah, nahan. Rek neangan panglayar...era, ari teu make panglayar pasti lila... )


KUNAON NETEUP KA ABDI
kunaon neteup ka abdi
tara -tara tiasasri
sok teu puguh raraosan
pupurayeuh samar polah

kunaon neuteup ka abdi
matak reuwas sareng isin
ruimaos seueur kakirangan
abdi mah jalmi biasa

seueur mojang anu lenjang
lir putri ti kayangan
titisan dewi pohaci
matak resep anu ningali

kunaon neuteup ka abdi
matak reuwas sareng isin
ruimaos seueur kakirangan
abdi mah jalmi biasa

seueur mojang anu lenjang
lir putri ti kayangan
titisan dewi pohaci
matak resep anu ningali


KALANGKANG

L: mungguhing dina impenan….geuning sakitu deudeuhna
kanyaah nu wening bersih…..satiaq jadi kakasih

P: mungguhing dina impenan….geuning sakitu leahna
pameunteu marahmay manis…teu isin ka ambung damis

Duet: rambut pajang nu ngarumbay
di sangkeh panangan panjang
lalaunan raray tanggah
rangkul;an karaos pageuh

luhur pasir teupung geter
perlambang asih nu mekar
kabagjaan nu duaan....nu duaan

hanjakal-hanjakal teuing
endah ngan ukur kalangkang
harepan-harepan diri
sing nyanding jeung kanyataan




KABOGOH JAUH

Boga Kabogoh Jauh
Meuntas laut , Leuweung , Gunung
Tapi Apel teu bingung
Cukup Hallo na telepon

Kuring di Pulau Jawa manehna di Pulau Sumatra
Lamun Malam Mingguan Mojok Via SMSan

Jelema palinter Dunya beuki maju
Najan urang pajauh bias ngobrol unggal waktu

Tiap SMSan atawa telepon
Teujadi pikiran kajeun pulsa kabobolan
Nu pentingmah bias ngobrol jeung manehna








Mobil butut- Bungsu bandung –
Mobil butut kaluaran baheula
Sajaman jeung bedil sundut harita
Ayeunamah mobil butut geus carang
Nambangan ge di kota ge geus di larang
Dut durut dut dut
Mobil maju na ngidul
mogok di jalan radiatorna ngebul
Kenekna turun nyiuk cai di solokan
Mobilna nginum jiga kebo di mandian


Mawar Bodas

Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang…

Hujan angin dor dar gelap
Henteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing

Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila kaala

Sugan tea moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa ngoleang
Lempang ge asa ngalayang

Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir titadina
Lamun bakal nyeri hate hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun… mikiran pipanyakiteun
















MOJANG BANDUNG
Bejakeun ka mojang bandung
Kuring dedeh
Kuring nyaah saenyana

Ngan anjeun nu dipiharep
Kedal asih dina hate saenyana
Sorana matak kagembang
Gantung dengen salawasna
Imutna nu mapag hirup
Jantung ratug tutunggulan

Bejakeun ka mojang bandung
Kuring dedeh
Kuring nyaah saenyana
Ngan anjeun nu dipiharep
Kedal asih dina hate saenyana

Sorana matak kagembang
Gantung dengen salawasna
Imutna nu mapag hirup
Jantung ratug tutunggulan

Dina hate kuring janji ukur hiji
Rek satia rek satuhu moal baha
Dina ati kuring janji ukur hiji
Iwal anjeun dina sagala rumasa

Beujakeun ka mojang bandung
Kuring resep kuring deudeuh
Ka anjeun



Malioboro
Panas-panas goreng pisang
Kopi agak manis di gelas kaca
Di gelar tikar di terang neon
Di ubun-ubunnya jogjakarta

Gadis manis senyum-senyum
Tawarkan nasi bungkus daun pisang
Sama-sama makan malam-malam
Di ubun-ubunnya jogjakarta

Semua aku ingat
Dan tak akan kulupa
Kenangan paling indah
Dan paling... paling asyik
Reff:
(Ada lagu yang indah di Malioboro)
Lagu cinta tentang engkau dan aku

(Ada sajak yang indah di Malioboro)
Sajak cinta tentang engkau dan aku



MANUK DADALI
mesat ngapung luhur
jauh di awang-awang
memberkeun jangjangna
bangun taya karingrang

kukuna ranggaos
reujeung pamatukna ngeluk
ngapak mega bari hiber tarik nyuruwuk

saha anu bisa
nyusul kana tandangna
gandang jeung pertentang
taya bandingnana
dipika gimir dipika sieun kusasama
taya karempan kasieun
leber wawanena

Reff
manuk dadali ..manuk panggagahna
perlambang sakti..indonesia jaya

manuk dadali ..pangkakoncarana
resep ngahiji..ruku sakabehna

hirup sa uyunana tara pahiri,hiri
silih pikanyaah..teu inggis bela pati
manuk dadali …ngandung siloka sinatria
keur sakumna bangsa…di nagara Indonesia



MOJANG PRIANGAN
Angkatna ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang priyangan.

Umat-imut lucu
Sura Seuri nyari
Lara-lirik keupat
Mojang Priyangan

* 2 (x)
Diraksukan kabaya
Nambihan Cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priyangan

Mojang anu donto
matak sono nu nempo
Mun tepung sono ka…
Mojang priyangan ( balik ke atas*)

Gareulis maranis
Disinjang lalenjang
Estu surup nu nempo
Mojang priyangan… mojang priyangan…
Mojang priyangan…



Nini-nini Luar Nagri
Nini nini peot geus gomplok ku huis
Siga budak anu murag bulu bitis
Unggal poe gawe ngador jeung ngageulis
Pake bedak pake lipstik
Pake shadow rambut palsu
Siga jurig tangkal waru
Make baju necis hayang jiga artis
Ucad aced hayang jiga peragawati
Sura seuri huntu tinggal tilu siki
Calangapna gede teuing
Nepikeun ka asup angin
Mindeng pisan kabesekan

Nangkring di jalan tikungan
Ngaheureuyan budak bujang
Poho umur poho incu
Asa aing geulis keneh
Sura seuri………Tual toel
Gura gero……Kucap kiceup
Umat imut……Gutak gitek
Gubay geboy……Ucad aced
Asa kewes
Cumentil leuwih ti hostes





NENG GEULIS
Neng geulis pujaan eungkang
Neng geulis akang hoyong tepang
Upami teu aya pamengan
Langkung sae urang keunalan

Neng geulis pujaan eungkang
neng geulis akang hoyong teupang
upami teuaya pamengan
sasih paun yu urang tunangan

eta saha anu acuk bodas
eta saha snu acuk kayas
pipi koneng irung mancung
putri Bandung

Neng geulis pujaan eungkang
neng geulis akang hoyong teupang
upami teuaya pamengan
sasih paun yu urang tunangan







Naha Salah
naha salah lamun kuring boga rasa cinta salian ka anjeun
naha salah lamun kuring boga rasa deudeuh salian ka anjeun
sapanjang anjeun satia akang moal rek khianat,
cinta akang moal unggut karinduan
sapanjang anjeun satuhu akang moal rek midua,
cinta akang moal kedal kaanginan
cinta akang mang bulan anu nyaangan peuting, bakal aya salawasna
cinta akang sangenge anu maturan poe, bakal aya salalawasna
ulah….melang
ulah….hariwang
naha salah lamun kuring boga rasa cinta salian ka anjeun
naha salah lamun kuring boga rasa cinta salian ka anjeun
sapanjang anjeun satia akang moal rek khianat,
cinta akang moal unggut karinduan
sapanjang anjeun satuhu akang moal rek midua,
cinta akang moal kedal kaanginan
cinta akang mang bulan anu nyaangan peuting, bakal aya salawasna
cinta akang sangenge anu maturan poe, bakal aya salalawasna





NENG GEULIS
Neng geulis pujaan eungkang
Neng geulis akang hoyong tepang
Upami teu aya pamengan
Langkung sae urang keunalan

Neng geulis pujaan eungkang
neng geulis akang hoyong teupang
upami teuaya pamengan
sasih paun yu urang tunangan

eta saha anu acuk bodas
eta saha snu acuk kayas
pipi koneng irung mancung
putri Bandung

Neng geulis pujaan eungkang
neng geulis akang hoyong teupang
upami teuaya pamengan
sasih paun yu urang tunangan









Ojeg - Yana kermit –
Aduh bagja pisan
Narik ojeg ngalarisan
Nu numpakna geulis pisan
Hate sok seseredetan
Keur kasalemetan
Nu geulis kedah nyepengan
Sanes akang teu uyahan
Cunihin teu pisan-pisan
Ulah sok ugal-ugalan di jalan
Kebut-kebutan keur jalan
Bisi balikna tinggal ngaran
Ulah sok ugal-ugalan di jalan
Kebut-kebutan keur jalan
Mun nabrak budak digarebugan
Ojeg ongkos ngajegang
Lamun ngojeg ulah parebut penumpang
Ojeg ongkos ngajegang
Lamun ngojeg tong bari mikiran hutang
Komo deui lamun narik bau ao
Nya dijamin penumpang nyebut nu gelo







PILEULEUYAN
Hayu batur –hayu batur
Urang kumpul sararea
Hayu batur-hayu batur
Urang sosonoan heula

Pileuleuyan-pileuleuyan
sapu nyere pegat simpay
pileuleuyan-pileuleuyan
paturay pateupang deui

amit mundur-amit mundur
amit ka jalma nurea
amit mundur-amit mundur
da kuring bade ngumbara

Pileuleuyan-pileuleuyan
sapu nyere pegat simpay
pileuleuyan-pileuleuyan
paturay pateupang deu







Pangandaran
Harita basa usum halodo panjang
Calik paduduaan dina samak salambar
Ehm saksina bulan anu sapotong
Ehm saksina bentang anu baranang

Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Sisi laut Pangandaran

Tina ati pada pada kedal janji
Urang silih asuh silih asih silih jagi
Deuk ngadeugkeun harti asih saeunyana
Deuk ngadeugkeun harti deudeuh saeunyana

Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Sisi laut Pangandaran

Reug ge can reug hate geus pageuh ka bengkeut
Sisi laut Pangandaran
Reug ge can reug beuki rakeut beuki gegep
Sisi laut Pangandaran

Tina ati pada pada kedal janji
Urang silih asuh silih asih silih jagi
Deuk ngadeugkeun harti asih saeunyana
Deuk ngadeugkeun harti deudeuh saeunyana

Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Sisi laut Pangandaran

Reug ge can reug hate geus pageuh ka bengkeut
Sisi laut Pangandaran
Reug ge can reug beuki rakeut beuki gegep
Sisi laut Pangandaran












PEUNYEUM BANDUNG

Dimana-mana,di kampung di kota
Tos kakoncara,ku nikmat rasana

Sampeu asalna teu di reka-reka
Naon namina ku matak kabita

Reff:
peuyeum bandung ka mashur
pangaosna teu luhur
ku sadaya ka galeuh
seupuh jeung murang kalih

mangga cobian,bilih panasaran
peuyeum ti bandung,heunteu sambarangan






POTRET MANEHNA

Potret manehna nu katampa minggu kamari
Dipiguraan disimpen di hade-hade

Hanteum diteuteup,jadi batur dina simpe
Aduh endahna mapaesan taman hate

Potret manehna –potret manehna
Ditilik disidik-sidik
Diteuteup dibulan-balik
Kumanis bae

Potret manehna-potret manehna
Socana,imutna,teuteupna sagalana
Ngan keur kurig bae

Potret manehna wawakil jirim manehna
Tanda satia malah kaemut salilahna
Mati hiji tina ati gambaran kateupung
Potrek anu dikeukeuweuk
Potret manehna









PILEULEUYAN

Hayu batur –hayu batur
Urang kumpul sararea
Hayu batur-hayu batur
Urang sosonoan heula

Pileuleuyan-pileuleuyan
sapu nyere pegat simpay
pileuleuyan-pileuleuyan
paturay pateupang deui

amit mundur-amit mundur
amit ka jalma nurea
amit mundur-amit mundur
da kuring bade ngumbara

Pileuleuyan-pileuleuyan
sapu nyere pegat simpay
pileuleuyan-pileuleuyan
paturay pateupang deui








PANON HIDEUNG

Panon hideung, irung mancung
Pipi koneng, putri bandung

Putri saha, di mana bumina
Abdi resep, ka anjeunna

Siang wengi, a impi-impi
Hate abdi, sara redih

Teu emut dahar, teu emut nginum
Emut kanu geulis, panon hideung















Sesebredan

sesebredan yeuh sesebredan
teu akur jeung babaturan sesebredan
sesebredan yeuh sesebredan
teu kaop manggih milik sok sesebredan
Bangsa urang mah teu beda eujeung hayam
Manggih beas giling malah silih pacok
Teu akur jeung dulur sok komo jeung batur
meunang proyek silih dengkek sesebredan
sesebredan yeuh sesebredan
teu akur jeung babaturan sesebredan
sesebredan yeuh sesebredan
teu kaop manggih milik sok sesebredan
Sesebredan ieu sesebredan
jalma nu reuseup kana papaseaan
Sesebredan ieu sesebredan
ngabelaan harta reuseup riributan
Sesebredan ieu sesebredan
lampah setan hayang seubeuh sorangan
jurig harak teu inget ka babaturan




Sasak Rajamandala
Di beh kulonen
Pengkolan nu ka Saguling
Aya sasak anu jadi panineungan kuring
Sasak panjang nu nepungkeun Bandung Cianjur
Diliwatan balarea mentas walungan Citarup

Nu katelahna nya Sasak Rajamandala
Sasak cukang palantara cinta kuring jeung manehna
Cinta mimiti nukena
Hese pohona
Lamunan cik dina ati sumelap lilana rasa

Di sasak Rajamandala, hotel telet nu munggaran
Rek ngajak tacap kasoca, keleket hate deg-degan
Ka Sasak Rajamandala hayang geura ngaimplengan
Yen kuring teu jeng manehna
Kiwari geus baranganna



Sisindiran
ecet2 oet2
ngaronda ngarureuk belut
kapelet kuring kapelet
ku randa nu gede hitut

Cai mulang cai malik
cai ngocor ka astana
panon burial buncelik
da kadempet etanana

Ka Bandung tuluy ka Bogor
di Cianjur meuli bonteng
kasiksa boga kabogoh
sungutna bau sepiteng

Sada ketuk sada kenong
sada suling eujeung goong
huntuna nyenghol katembong
amun ngomong bau jigong

Es lilin ku amis tiis
leuwih ngeunah ti es teler
abdi bingung kunu geulis
dikiceup langsung ngagoler

Ka banjaran ka Cikajang
ka Lembang ka pamonokan
panasaran kanu leunjang
hayang nyobaan mondokan

Keretek kudana beureum
ditumpakan anak Cina
kapelet ku randa eusleum
unggal poe kuring jinah

Pasak pondok osok nyogok
pasak panjang osok nyugak
anu pondok jadi orok
anu panjang jadi budak

Es lilin kalapa muda
dibawa didorong- dorong
abdi reuseup ka nyi randa
lamun mandi sok ditoong

Pa sumat gawena dahar
mun bedug bakal ditewak
percuma dibere beunghar
mun budug saawak - awak






Sesa Cinta
Masih aya sesa rasa cinta
Dina jero dada…Hese leungitna
Najan mindeng mopohokeunana...
mapalerkeunana….Tapi teu bisa

Sakapeung mah ngarasa kasiksa
Lamun datang sono ka manehna
Tapi dalah kudu dikumaha
Ngan saukur bisa ngusapan dada

Cinta urang duaan
Anu kungsi kasorang
Ukur tinggal impian
Lampah urang duaan
Anu kungsi kasorang
Ukur tinggal sawangan

Cinta nu kungsi aya
Ukur tinggal carita
Ukur tinggal sesana
Hese pisan leungitna
Hese pisan pohona
Masih keneh can bisa



SORBAN PALID (AKANG HAJI)
Akang haji sorban palid,palidna ka cilamaya
Akang haji sumangga calik,nyanggakeun mah sa aya-aya

Akang haji sorban palid,palidna mah ka cikapundung
Akang haji kunaon balik,ulah lila da lila pundung
Reff :
Kaso pondok,kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Najan sono najan heman
Teu sae ngobrol di jalan

Kaso pondok,kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok,sono nganjang
Sono patepang di jalan

Akang haji sorban palid,palidna ka cilkimiri
Akang haji kunaon balik,ulah osok da nganyenyeri

Akang haji sorban palid,palidna ka cilamaya
Akang haji sumangga calik,nyanggakeun mah sa aya-aya







Sabilulungan
Sabilulungan, urang gotong-royong
sabilulungan, urang silih rojong
sabilulungan, genteng ulah potong
sabilulungan, persatuan tembong

Tohaga, rohaka,
rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
satia, sajiwa,
rempug jukung ngabasmi pasalingsingan.






SESAH HILAPNA
Asa-asa urang the
Nembean tepang
Aya kereteg hate
Dugdug surser-ser
Sesah hilapna
Gening bet sungkan papisah
Duh….sesah hilapna

Kantenan urang the
Nembean tepang
Aya nu euntep
Gerents kadeudeuh
Sesah hilapna
Nyanding asih dina ati
Duh…..sungkan patebih

Ayeuna urang ngahiji
Geus jadi batur sa ati
Gumulung siang jeung wengi
Duh…bagja nyanding asih

Teu kaop teu tepang sa dinteun
Teu kawawa ku rasa kangen
Teu beunang di papalerkeun
Teu beunang di bebenjokeun








Susis (Suami Sieun Istri)

what am i going to do
but i can do anything

Tak punya taring tak punya cakar lo ko takut
Cantik dan anggun lemah gemulai lo ko takut

Kalau nyerocos klo ngedumel aku takut
Kalau cemberut dia membisu juga takut

Susis wowowowow susis suami sieun istri
Susis wowowowow susis suami takut istri
http://jurug.blogspot.com/
what am i going to do
but i can do anything

what am i going to do
but i can i can do anything

Pilih mengalah takut kena salah
Apalagi salah jadi salah tingkah

Pikirkan matang
Cari aman saja
kalau membangkang urusan bakal panjang

Talak Tilu
Mana nyeri nyeri nyeri teuing
Ceurik ati di tambelakan
Henteu benang ku disabaran
Aduh alah ieung
Tega teh teuing

Indit sore tulunyungna subuh
Abdi tunduh mukakeun tulak
Batin nyeuri ceurik sorangan
Aduh alah ieung
Tega teh teuing

Nyeri-nyeri moal benang di ubaran
Kajen tutumpuran paeh ge teu panasaran
Mempeng ngora keneh
Mempeng urang can batian
Pek geura serahkeun
Talak tilu sakalian

Henteu butuh lalaki curaling
Boga rasa asa ieu aing
Henteu robah teu eling-eling
Aduh alah ieung
tega teh teuing


Dedy – Ulah Ceurik
Cag didieu
Cag seumeut dieu
Lalakon cinta nu urang
Teup anteupkeun
Tong di guar deui
Carita cinta nu peugat
Najan ka gandrung sa gunung
Najan duriat sa jagat
Kadeudeuh nu nyangreud
Ahirna urang pipisah
Rek ka saha
Rek ka urang mana
Geura milari geuntosna
Cig ka kidul
Cig ka kaler
Ngulon ngetan moal nyaram
Tos teu aya kakaitan
Antara urang duaan
Lain anjeun lain akang
Urang geus lain lainna
Lain….
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten rangda
Akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kumaha
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Wayahna urang papeugat
Najan hate masih beurat
Pileuleuyan, pileuleuyan
Hampura, Akang hampura













Urang Sunda
Urang sunda ka marana
Urang sunda di marana
Urang sunda, urang mana
Urang sunda, Anjeun saha

Naha ngan saukur nu ngeusian Pulau Jawa
Naha ngan saukur lalajo bari tumenta
Gancang geura hudang buka ceuli buka mata
Geura tembongkeun urang sunda oge bisa

Tembongkeun urang ge bisa mela nagara
Tembongkeun urang ge bisa jadi pamimpin
Urang ge bisa nangtung ajeg jeung kawasa
Lain saukur bisa unggut jeung kumawula

Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan

Anu karesepna ngan ukur ngagere ceuli
Anu karesepna ngan ukur heuay nundutan
Anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun
Atawa calangap ngitungan bentang di langit

Mun urang kabeh reueus jadi urang sunda
Pikiran deui naon nu dipikareueus
Lamun urang sunda kabeh jadi si kabayan
Kuring melang hiji waktu urang kababayan
Urang bakal kababayan, ukur bisa kababayan, salawasna kababayan

Si Kabayan urang sunda…Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda….Urang sunda ulah jadi si Kabayan

4 komentar:

  1. hatur nuhun kang, lirik2 na kaanggo pisan..

    BalasHapus
  2. tolong bisa di update liriknya lagu "Jodo Jeung pati" detty kurnia....lagunya bagus bgt

    BalasHapus
  3. makasih ya gan untuk infonya

    BalasHapus

Terima kasih Kami Ucapkan Atas Kunjungannya di Blog ini
Keritik dan saran dari anda sebagai acuan kami untuk mengelola kearah yang lebih baik

TERIMA KASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA DI BLOG INI KOMENTAR ANDA SANGAT BERARTI BAGI KAMI "